Geulis
Tangkal katresna kuring pamekaran
ngakar handap ka wates alam titincakan
nu daun jeung dahanna ngaruntuy nembus sawangan
Katresna kuring nu mengkeut pageuh
dua hate pinayungan
ngarambat jauh teu puguh tungtungan
Tali duriat pamuntangan
Ka anjeun nu kungsi ceurik baririhan
teu kuat nandang kasusah tina tresna pakukangan
Ka anjeun nu teu wani ngalengkah,
ka anjeun nu teu wani ngajul buah kabagjaan
Katineung nu kungsi nyambi
diuk di golodog nganteur kaseuri
Duriat nu kungsi nyambi
rek nyingkahkeun rasa kanyeri
tungkul nunduk teu diaku arti
Tangkal katresna buah katineung nu kungsi nyari
runtuh ku angin sakali nyaksi
runtuh ku kasieun anjeun nu teu wani gaganti
(Sukamaju, 25 Agustus 2014)
Minggu, 21 September 2014
Langganan:
Posting Komentar (Atom)
0 komentar:
Posting Komentar