Subscribe:

Pages

Rabu, 15 Desember 2010

D O

Gubrag, Ani satengah ngabeubeutkeun maneh kana kasur anu ngampar di sisi kamarna. Hing manehna ceurik. Cai panonna ngabaseuhan bantal anu ti tadi ku manehna di tangkeup pageuh.

Pikiranna pinuh, pinuh ku hal-hal anu ku manehannana oge teu dipikaharti. Ambek, sedih, handeueul, kabeh ngalebur jadi hiji.

“Teh Ani kunaon ?” torojol Dindin, adina anu umurna masih tujuh taun.

“Teteh naha nangis, geubis nya tadi di sakola ?”

Ani langsung ngusap cai panon anu ngabaseuhan pipinya.

“Henteu, teteh kur kapeureupeunan” pokna ngabohong.

“Oh, sugan teh nangis. Cik ka dieu urang tiup atuh ku Dindin ari kapeureupeunan mah ngarah soca nana henteu peurih deui”

“Ah wios da tos henteu peurih ieu oge.” pokna bari olo-olo kikiceupan. . “Ari Ema tos mulih teu acan ?” Ani ngabelokkeun omongan.

“Teu acan. Saurna mah bade langsung ka bumina Pa Dudung.”

“Oh,” pokna pondok. “ Rek naon nya Ema indit ka imah Pa Dudung ? rek mayar hutang atawa kalah ngahutang deui?” pikirna dina jero hate.

***

“Assalamu’alaikum” sora jelema di tukangeun panto satengah ngagorowok.

“Kreeeeek,”panto dibuka.

“Wa’alaikum salam, Tos mulih Ma ?” Jawab Ani bari nyampeurkeun indungna anu bangun nu leuleus.

“Kumaha dinten ayeuna ? laris”

“Ah, keur jauh ti rejeki urang teh poe ayeuna mah. Dagang keur tiiseun. Nu meuli beuki ngurangan ti saprak jamu bubuk beuki loba di warung-warung. Pokna cenah khasiatna leuwih manjur, jeung henteu pait kawas jamu dagangan urang” jawab indung Ani.

“Pa Dudung oge geus teu daek mere injeuman deui ayeuna mah, geus loba teuing hutang urang ka anjeunna,” pokna neruskeun nyarita.

Ani ngahuleng. Manehna jadi asa-asa rek ngomongkeun yen sakolana geus nagih duit bayaran bulanan manehna anu geus lima bulan can dibayar. Lamun manehna nyarita ka indungna, teu wasa ninggali kaayaan indungna anu keur susah neangan duit teh. Ari manehna teu nyarita, rek iraha mayarna, sedengkeun sakola geus nanagih wae.

“Ah engke peuting weh nyaritakeun nana, ayeuna mah Ema keur meujeuhna cape, karunya,” kereteg Ani dina hatena.

***

Bulan caang sabeulah. Titik-titik bentang ngahias langit nu poek, kawas cika-cika di pasawahan, endah. Di hiji lembur, di hiji kampung, di hiji imah panggung anu geus reyod tinggal nungguan runtuhna, dua manusa, indung jeung anak keur silih sanghareup, medar masalah nu geus lila ngeunteupan maranehna.

“Sakola tadi tos nagih deui iuran bulanan. Upami teu enggal-enggal dilunasan, sakola moal tiasa deui masihan kalonggaran. Kapaksa Ani kedah milarian sakola nu sanes, nu langkung mirah bayaran nana, kasarna mah Ani teh bakal dikaluarkeun.” Omong Ani bari tungkul bangun nu susah. Teu wasa manehna ninggali beungeut indungna anu pasti bingung nyanghareupan kaayaan kawas kieu.

Indungna teu ngajawab.

“Upami kira-kira abot mah, wios we Ani ka luar ti sakola, mantosan Ema dagang jajamu,” pokna neruskeun nyarita.

“Anak Ema kudu junun, tong kawas Ema jeung abah anu ngan bisa ngandelkeun tanaga keur neangan duit saperak. Keun bae soal biaya mah urang neangan ti sisi ti gigir, sugan weh aya rejekina,”

“Bade nambut ka saha deui, apan Pa Dudung hiji-hijina jelema jegud di kampung urang oge tos alimeun nambutkeun deui?”

“Sugan weh Ceu Omah daekeun mere injeum keur ngalunasan iuran bulanan wae mah.”

“Ceu Omah nu renten tea? Ih amit-amit ari Ema, pan bunga nana oge ageung atuh, bisa nepi ka saratus persen, sami sareng bunuh diri nambut artos ka rentenir mah ari Ema,” omong Ani bari neuteup beungeut indungna.

“Tibatan Ani kudu ka luar ti sakola mah, mending minjeum duit anu bungana saratus persen Ema mah.”

“Entong Ma ah, alim Ani mah. Sakola sanes hiji-hijina tempat anu nyadiakeun elmu, nyatana mah tempat anu ngajual mahal elmu. Elmu mah tiasa dipilari di mana wae. “

“Bener elmu mah bisa diteangan ti mana wae. Tapi jaman kiwari mah, sakola luhur penting, ijasah penting. Jelema anu sakolana luhur leuwih gampang neangan pagawean tibatan jelema anu ngan lulusan SD kawas Ema.”

“Leres. Tapi jaman kiwari seueur oge sarjana anu nganggur, saban poe ngadon moyan bari ngusapan hayam jago piaraan manehna. Sakola handap oge ari jadi jelema jujur jeung daekan mah moal burung dibere rijki ku Alloh, kawas Pa Dudung. Anjeuna pan ukur kaluaran kelas dua SMP, tapi ari milikna jadi jelema jegud mah moal aya anu bisa ngahalangan. Saur Ema oge pan harta mah ukur hiasan dunya, ukur modal keur urang ibadah. Anu penting mah kaimanan urang. Salila urang masih bisa ibadah mah urang teh wajib sukuran, kitu pan saur Ema oge.“ pokna panjang.

Indungna ukur jempe teu nembalan. Mangrupa rarasaan nyampur aduk. Sedih lantaran teu bisa ngabiayaan anakna jang neruskeun sakola, bungah lantaran anakna geus boga pikiran maju, reueus, karunya, hanjakal, jeung sajabana.

Teu karasa cai panon maseuhan pipina. Gep budak awewe hiji-hijina eta ditangkeup pageuh. Diciuman tarang jeung emun-emunan anakna sababaraha kali.

Alam beuki poek. Jangkrik disarada beuki tarik. Bentang beuki kataringgali, angin peuting ngahiliwir niup tatangkalan, peuting beuki simpe.




(05-2010)